Zodiak Hari Ini Dalam Bahasa Sunda

1. Pirgo - Pagawean nu cocok:
dagang jengkol. Keuangan:
hambur pisan. Asmara: teangan
nu rada cageur.

2. Akuwarius - Pagawean nu
cocok: Dagang taraje jeung bilik.
Keuangan: eureunan unjam injem
wae. Asmara: Sakeudeung deui
jomblo, dikepret calon mitoha.

3. Piskes - Pagawean nu cocok:
Ngangkutan galon cai, sakapeung
ngojek jeung ngiriman BBM ocon.
Keuangan: Ledeh, loba urusan
pacorokokod,. Asmara: ditolak
deui, angger teu pira pedah
rorombeheun.

4. Ariyes - Pagawean nu cocok:
ngamandian domba. Keuangan:
loba ngahutang, gaji kapotongan
wae. Asmara: benerkeun heula
beungeut.

5. Tawurus - Pagawean nu cocok:
Ngored jukut keur parab embe
jeung dagang lahang. Keuangan:
katipu baturan deukeut. Kudu
diruwat. Asmara: Teu payu payu,
ganti peletna.

6. Gemini - Pagawean nu cocok:
Ngurek belut, ngala tutut.
Keuangan: Bangkar, jujualan baju
mitoha. Asmara: ucrat-acret
teuing...kabogoh diditu-didieu,
euweuh nu eucreug.

7. Kanser - Pagawean nu cocok:
Macul, ngored. Keuangan:
sakarat, tereh bangkrut. Asmara:
Euweuh nu daekeun, modal ipis.

8. Leyo - Pagawean nu cocok:
noelan tukang jajamu. Keuangan:
Ripuh pisan, teu saperak2 acan-.
Asmara: ati2 bakal kapelet, lawan
ku dukun ti babakan cibelekok.

9. Libra - Pagawean nu cocok:
ngorehan runtah atawa Tukang
beling. Keuangan: Teu becus
euweuh gadag neang duit.
Asmara: malem minggu engke
manehna keur hayangeun
diwowoy peda beureum
+peuteuy.

10. Sekorpio - Pagawean nu
cocok: Moe huntu di buruan
sakapeung Menerkeun kenteng
batur. Keuangan: sarua jiga
kamari boke, Asmara: boga
kabogoh panyakitan

11. Sagitariyus - Pagawean nu
cocok: Mersihan balong, mun
keur halodo nyopet di pasar.
Keuangan: pamajikan ngadat
menta tambahan resiko dapur.
Asmara: ditampilingan wae ku
pamajikan,loba tatanya dukun
jig!

12. Kaprikorn - Pagawean nu
cocok: Dagang kurupuk
Keuangan: Pikawatireun,
waspada debt kolektor! Asmara:
hambar, kabogoh hoyong
kejutan, jig sakali2 jd amroji
atuh...

Hanya untuk bercanda saja :D

6 komentar:

IDL mengatakan...

thank dah share gan

Bangjal Dua Tiga mengatakan...

nice post gan..

happy blogging

nita gunawan mengatakan...

terima kasih kak

obat herbal kanker rahim mengatakan...

sungguh sangat unik nih.....
gw baru baca klo sekarang ada zodiak versi basa sunda....

khasiat manggis mengatakan...

haduhhhh,,,,,
Ngored jukut keur parab embe
jeung dagang lahang. Keuangan:
katipu baturan deukeut. Kudu
diruwat. Asmara: Teu payu payu,
ganti peletna.

kumha tah solusina,,,???

Tips dan Trik Unik mengatakan...

Hadeuuhh.. keren pisan eta artikelna.. abi salut kang..
Abi oge gaduh artikel tentang Zodiak, tapi bahasa Malaysia.
Jadi lucu pisan. Cobian we di intip.

Posting Komentar

 
Copyright 2010 Blackberry Auto Center. All rights reserved.